Bewara Keur Warga: Ulu Biung WSAB
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, September 09, 2005

Ulu Biung WSAB

Saha wae anu tiasa ulu biung kana blog wsab teh? nyeta:

1. Wanita sunda: yuswa minimum 16 tahun, lahir di sunda, pernah di sunda, nyarios sunda, nikah ka urang sunda, naon wee lah pokona mah asal aya pakaitna seng sunda
2. Nyarios Sunda dina blog boh sae atanapi awon atanapi campur
3. Gaduh link website: blog, homepage/website pribados, Friendster
4. Keresa ngaramekeun blog (tulisan kanggo postingan, tiasa Indonesia heula atanapi campur ngke diedit ku admin)
5. Ngintunkeun tulisan, propil sareng poto ukuran (panjang x lebar) 200x150 pixel, sareng nami link, kanggo ditampilkeun dina bagian Propil, dikintunkeun ka wsab2005@yahoo.com

Sagedengeun blog, wsab ngagaduhan milist anu namina:
wanita-sunda-antar-benua@yahoo.com

Milist wsab kedah:
1. Wanita sunda: yuswa minimum 16 tahun, lahir di sunda, pernah di sunda, nyarios sunda, nikah ka urang sunda, naon wee lah pokona mah asal aya pakaitna seng sunda
2. Direkomendasikeun ku anggota tipayun ka moderator dina milist, sapertos posting biasa.
3. Aturan salajengna diatur dina milist

Bilih aya pertarosan ngeunaan cara-cara ulu biung wsab, mangga kintunkeun email saderek ka: wsab2005@yahoo.com